Rabu, 30 Maret 2011

kujang rompang

Manjing kana waktuna
Ninggang kana mangsana
Muru maluru beh ditu
Nungtik nyungsi nu kamari
Hudang pikeun tandang nu kiwari
Ngundeur meureun ngala sugan

Hana nguni hana mangke
Tan hana nguni tan hana mangke
Aya baheula, aya ayeuna
Moal aya ayeuna mun euweuh baheula
Aya indung, aya bapa
Indung nu ngandung bapa nu ngayuga
Aya indung, aya surga
Aya bapa aya dunya

Du’a indung jadi jimat
Jampe bapa jadi ubar
Pikeun lengkah
Pikeun tandang


Ngadekeun ajen Kisunda
Laku lampah nu utama
Nyebarkeun asih kasasama
Tingkah polah sing merenah

Sangkan panggih
kamulyaan
Kajembaran
Kawaluyaan
Karahayuan
Congkrang kujang ngajirim nonoman
Nu gede wawanena.

Panceg dina galur 
Salawasna akur jeung dulur
Panceg dina galur
Babarengan ngajaga lembur Panceg dina galur
Moal ingkah najan awak lebur
Panceg dina galur
Salawasna akur jeung dulur.
Panceg dina galur
Babarengan ngajaga lemburPanceg dina galur
Moal ingkah najan awak lebur

Munut ridho Gusti
Ngalap berkah Gusti
nu Maha suci
Munut ridho Gusti
Ngalap berkah Gusti
Sang Hyang widhi


Bral geura miang
Tandang makalangan
Nanjeurkeun kabeneran
Ngawangikeun bumi Pasundan

Sok geura hudang
Tandang makalangan
Sanghareupan musuh
Najan palastra nepikabinasa

Sakabeh nu gumelar didunya
Bakal panggih jeung ajalna
Ngan nu mangpaat pikeun sasama
Anu bakal abadi
Ngarana ditulis dina prasasti kahirupan
Laku lampahna turuteun pikeun anak incu

Kujang nu nyurup kana raga
Anu nyieup kana wanda
Ngajirim jadi nonoman sunda
Sinatria ti tanah pasundan

Nanjeurkeun bebeneran jeung kaadilan
Teu keuna ku owah gingsir
Teu kasilih ku junti
Ganjaran nu belapati, satria santosa iman,
Sinatria pilih tanding Lalaki lalanang Jagat

buruan hareup

.bismillahhirahmanirahim


.alhamdulillah hirabbil`alaimen......

langkung ti panun simkuring panjatkeun puji sinareng syukur ka hadirat Allah Azzawazalla, nutos maparenkeun urang pituduh kangge ka warnet "etage duit ti batur @,@ kha kha kha" ( teur bukti tah blogeur na reuseup kana slam dunk munteu apal tong ngaku2 geng skuad kha kha kha).

teu khilap (rada lekhoh tah) urang panjatkeun shalawat ka rasulullah saw anu tos nyandak urang ti zaman jahilliah ka zaman ilmiah (buktosna tah ieu contohna simkuring anu nuturkeun tijaman jahilliah kajaman ilmiah teh nyaeta ngablogeur kha kha kha)

teu khilap ka para sohabat Umar, Utsman, Abu bakar, Ali, Hamzah (sakieu we... lah nu di seubatkeunna cape ngetikna mun diseubatkeun hiji2mah punteun deuih kanu teu di seubutkeun jangan iri hati, sesama trayek jangan saling mendahului "dajjal").

mung sakieu meureun anu tiasa ku simkuring di haleuang keun, da.... tadi namah bade seuur tapi kumahanya "ieu nu mayarna ngomong wae eunggeus da abdi teh ngagaduhan keneh isin saalit dui eta ge (tah mun geus beak jigana urang kumaha tah? bisakirim jawaban anda dengan cara ngekomen diblog ini atau pun bisa di fb gua klik disini)

prung ah  ................................ !!!!!